Postingan

Khutbah - Bukti Sukses Hasil Puasa Romadon

Hadirin rohimakumulloh balukar hade anu piharep, bahkan jadi bukti sukses hasil tina tuntasna puasa romadhon teh nyaeta الذين أمنوا jaradi مؤمنين anu متقين / jalma-jalma anu ariman jaradi mu'min anu taraqwa / urang sadayana jaradi mu'min anu bisa istiqomah ngalakonan sagala parentah Allah jeung ngajauhan laranganana. sakumaha Dawuhan Allah : يا أيها الذين أمنوا كتب عليكم الصيام كما كتب على الذين من قبلكم لعلكم تتقون Hei eling-eling jalma-jalma anu ariman, geus diwajibkeun puasa ka hidep sadayana, sapertihalna geus diwajibkeun puasa ka jalma-jalma anu ariman ti umat samemeh hidep sadayana, supaya hidep sadayana jadi taraqwa. jadi urang sadayana ayeuna ngalangkungan ibadah puasa, bari prak nunaikeun kawajiban ibadah puasa dengan segala aturan puasa yang ada (tegesna : mraktekeun puasa sesuai syarat jeung rukuna supaya sah puasana, ngendalikeun diri tina pangbatalana supaya teu batal puasana, ngendalikeun diri tina pamakruhana supaya teu goreng kualitas puasana, ngusahakeun sakawa...